:

1 Samuel 4

1

Mangsa eta urang Pelisti sasadiaan rek merangan Israil. Urang Israil ge geus taki-taki rek mapag perang. Balad Israil masanggrahan di Eben Haeser, ari urang Pelisti di Apek.

2

Ger perang campuh, urang Israil eleh, baladna anu kasambut aya opat rebu urang.

3

Anu harirup keneh baralik ka pasanggrahan. Ari ceuk para pamingpinna, "Poe ieu urang ku PANGERAN dikersakeun eleh ku urang Pelisti, naon sababna? Coba Peti Perjangjian PANGERAN urang cokot ti Silo, sina aya di urang supaya urang luput ti musuh."

4

Tuluy nitahan ka Silo, seug Peti Perjangjian PANGERAN anu jadi tahta PANGERAN Nu Maha Kawasa teh digarotong. Dua putra Eli, Hopni jeung Pinehas ngiringkeun eta Peti Perjangjian.

5

Sanggeus eta Peti Perjangjian datang, ger urang Israil sarurak mani ngageder, bumi ge datang ka inggeung.

6

Urang Pelisti tingtaranya, "Aya naon di pasanggrahan urang Ibrani, surakna mani ngageder? Naon maksudna?" Sanggeus nyarahoeun yen di pasanggrahan Israil aya Peti Perjangjian PANGERAN,

7

seug sarieuneun. Pok ngaromong, "Allahna geus aya di pasanggrahanana! Cilaka urang lamun kieu! Tacan kungsi urang nyorang kajadian kawas kieu!

8

Saha nu pikuateun nyalametkeun urang ti eta Allah anu sakitu kawasana? Eta teh Allah anu bareto numpes urang Mesir di gurun keusik tea!

9

Eh urang Pelisti! Tong sieun! Sing jaradi lalaki, ulah nepi ka jadi badega urang Israil urut badega-badega urang bareto. Hayu urang maju, sing jaradi lalaki!"

10

Ger urang Pelisti narajang. Urang Israil eleh, kalabur ka lemburna. Baladna ruksak, aya tilu puluh rebu urang anu kasambut.

11

Peti Perjangjian Allah karampas. Putra Eli, Hopni jeung Pinehas duanana tiwas.

12

Aya hiji jelema urang kaom Binyamin, lumpat ti pangperangan ka Silo, poe eta keneh nepi. Bajuna disosoeh jeung sirahna diteundeunan lebu nandakeun prihatin.

13

Harita Eli keur calik dina korsi sisi jalan, melong ka jauhna bawaning ku melang kana Peti Perjangjian. Eta jelema terus nyebarkeun beja ka sakuliahna. Jelema-jelema ear careurik, sarieuneun.

14

Ngadangu guyur-guyur Eli mariksa, "Aya naon guyur?" Eta jelema nyampeurkeun ka Eli rek bebeja.

15

(Harita yuswa Eli geus meh salapan puluh dalapan taun, geus meh teu iasa ningali.)

16

Eta jelema unjukan, "Sadinten jeput abdi lumpat ti pangperangan ka dieu." Eli mariksa, "Kumaha Ujang, aya naon?"

17

Jawab anu mawa beja, "Israil kabur ti urang Pelisti. Urang kasoran nemen pisan! Jabi ti kitu teh tuang putra Hopni sareng Pinehas tiwas, Peti Perjangjian Allah oge karampas!"

18

Ngadangu Peti Perjangjian karampas Eli geubis ngalenggak, tijengkang tina korsina di sisi lawang. Ku sabab geus kacida sepuhna jeung salirana bayuhyuh, barang geubis teh tenggekna potong, kereles pupus. Ari ngurusna ka urang Israil opat puluh taun.

19

Mantu Eli, randa Pinehas harita keur ngandung sabroleun. Barang ngadenge yen Peti Perjangjian karampas, turug-turug mertuana pupus jeung carogena tiwas, ujug-ujug purungkut, brol bae ngalahirkeun.

20

Barang rek pupus, ditegeran ku awewe-awewe anu nulungan ngalahirkeun, "Sing kiat Juragan, putra teh pameget!" Tapi anjeunna teu nolih, teu ngawaler.

21

Ari putrana dijenenganan Ikabod, saurna, "Kamulyaan Allah geus nyingkah ti Israil," lantaran Peti Perjangjian karampas, mertuana pupus, carogena tiwas.

22

Jadi saurna, "Kamulyaan Allah geus teu aya di Israil, sabab Peti Perjangjian Allah geus karampas."

Link: